Lompat ke isi

Siklon Tropis

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Siklon Tropis Lusi Taun 2007

Siklon tropis nyaéta badai anu miboga kakuatan nu gedé pisan biasana datang dina usum panas jeung awal usum gugur.[1][2] Ngaran lainna nyaéta hurricane, anu dicokot tina ngaran déwa di Karibia "Huracan" anu kacida jahatna.[2] Sakumaha ngaranna, siklon tropis sacara umum kawangun di daérah tropis.[3] Siklon tropis mindahkeun panas ti daérah khatulistiwa ka garis datar anu leuwih luhur, jeung ieu mangrupa bagéan penting dina hiji sistem sirkulasi atmosfir.[3]

Siklon tropis bisa nyababkeun angin anu mampu ngaruksak daérah anu jauhna 250 mil ti puseur siklon.[4] Radius rata-rata siklon tropis kurang leuwih 150 tepi ka 200 km.[1][2][3] Siklon tropis kawangun di luhureun sagara anu lega, umumna miboga suhu permukaan cai laut anu haneut, leuwih ti 26, 5 °C jeung kawangun dina gaya bumi (gaya coriolis) nyaéta dina lintang géografis di luhureun 5° kalér atawa kidul.[1][2][5]

Angin badag anu muter di deukeut puseurna miboga kecepatan leuwih ti 60 km/jam.[1][3] Sacara téhnis, siklon tropis dihartikeun minangka sistem tekenan handap non-frontal dina skala sinoptik anu tumuwuh luhureun cai nu haneut kalawan wilayah konvéktif jeung kecepatan angin maksimum 34 knot di sabagéan wilayah anu ngurilingan puseurna, jeung lumangsungna kurang leuwih genep jam.[1]

Kadang-kadang di puseur siklon tropis kawangun hiji wilayah kalawan kecepatan angin anu kaitung leutik jeung tanpa ayana méga anu disebut ku panon siklon.[1] Diaméter panon siklon téh rupa-rupa ti mimiti 10 tepi ka 100 km kalawan jangkungna 15 km.[1][3] Ieu panon siklon dikurilingan ku dingding panon, nyaéta wilayah winangun cingcin anu bisa ngahontal ketebalan 16 km, anu mangrupa wilayah di mana aya kecepatan angin nu pangtarikna jeung curah hujan panggedéna.[1]

Masa hirup siklon tropis rata-rata antara 3 tepi ka 18 poé.[1] Lantaran énergi siklon tropis dimeunangkeun tina sagara anu haneut, mangka siklon tropis bakal ngaleutikan atawa leungit waktu asup ka wilayah cai anu tiis atawa waktu asup ka daratan.[1]

Siklon tropis dipikawanoh ku rupa-rupa istilah di antarana "badai tropis" atawa "typhoon" atawa "topan" lamun kawangunna di Samudra Pasifik Kulon, "siklon" atawa "cyclone" lamun kawangun di sabudeureun India jeung Australia, jeung "hurricane" lamun kawangun di Samudra Atlantik.[1]

Daerah pangwangunan siklon tropis ngawengku Atlantik Kulon, Pasifik Wétan, Pasifik Kalér beulah Kulon, samudra Hindia, Australia beulah kidul, jeung Pasifik Kidul.[4] Kurang leuwih dua per tilu kajadian siklon tropis aya di beulahan bumi beulah kalér.[4] Lolobana siklon tropis 65% kawangun di daerah antara 10 derajat jeung 20 derajat tina ékuator, saeutik pisan 13% anu aya dina lintang luhureun 22 derajat U.[4] Siklon tropis henteu muncul di daerah 4 derajat tina ékuator.[4] Euweuhna siklon tropis di sabudeureun ékuator nembongkeun pentingna rotasi bumi atawa gaya Coriolis dina pangwangunan siklon tropis.[4]

Ngaran Siklon Tropis

[édit | édit sumber]

Mimitina mah ngaran siklon tropis dicokot tina ngaran-ngaran gadis lantaran siklon tropis mangrupa angin anu nagaruksak kapal laut jeung nakhoda saparakanca.[2][4] Salian ti éta, pangalaman ngabuktikeun yén lamun anu dipakéna ngaran gadis bakal ngabalukarkeun komunikasi anu leuwih gampang.[4] Di Atlantik jeung Pasifik Timur siklon tropis disebut Hurricane, di Pasifik Barat disebut Typhoon, jeung di samudra lain disebut Siklon Tropis (Tropical Cyclone).[2]

Dina taun 1960, geus disusun ngaran siklon tropis numutkeun alfabet.[4] Umumna mah ngaran siklon tropis henteu ngagunakeun ngaran anu dimimitian ku aksara Q, U, X, Y, Z.[4] Minangka conto, daftar ngaran siklon tropis dina taun 1973 nyaéta Anna, Blanche, Carol, Debbie, Eve, Francelia, Gerda, Holly, Inga, Jenny, Kara, Marta, Netty, Orva, Peggy, rhoda, Tanya, Virgy, jeung Wenda.[2][4] Nepi ka taun 1978, siklon tropis dibéré ngaran siga ngaran awéwé utamana di Atlantik jeung Pasifik tapi lantaran ayana pengaduan kaum wanita ngeunaan prasangka séksual maka ngaran lalaki mimiti dipaké, misalna siklon Alex, Bruno, jeung Gordon.[2][4] Tapi sanajan kitu ngaran awéwé masih ngadominasi dina pangaranan siklon tropis, misalna dina bulan Agustus 2005 Amérika Sarikat kadatangan Siklon Katrina di daérah Lousiana, Arizona, jeung Mississippi.[2][4] Katrina mangrupa mamala anu panggoréngna dina sajarah Amérika Sarikat tepi ka nyababkeun rébuan jalma maot, leuwih ti sajuta masarakat ngungsi, nyababkeun karugian anu gedé pisan keur industri minyak jeung sajabana.[2] Hal ieu nyababkeun Amérika tepi ka ngirimkeun 40.000 tangtara ka daérah mamala.[2] Sanggeus Katrina disusul ku badai Rita datang deui ka Amérika.[2]

Jadi, unggal siklon tropis téh miboga ngaran séwang-séwangan.[6] Di Samudra Atlantik jeung di sabudeureun Australia, siklon tropis dibéré ngaran siga ngaran jelema.[6] Misalna aya siklon tropis Andrew di Florida dina taun 1992, atawa siklon tropis Tracy anu ngaratakeun 80% padumukan di Darwin dina taun 1998.[6] Di Samudera Pasifik Kulon, ngaran siklon tropis bisa leuwih variatif saperti siklon tropis Anggrék (ngaran kembang), Kadu (ngaran buah), Nuri (ngaran manuk), Halong (ngaran teluk di Vietnam), Mekhala (widadari guntur), Bavi (ngaran pagunungan di Vietnam bagéan kalér) jeung Fengshen (déwi angin).[6]

Kecepatan Angin Maksimum

[édit | édit sumber]

Anu dimaksud kecepatan angin maksimum nyaéta angin anu lilana rata-rata 10 menit pangtéréhna anu aya di wilayah sirkulasi siklon.[1] Angin kalawan kecepatan anu pangtéréhna

biasana aya di wilayah cingcin di deukeut puseur siklon, atawa lamun ieu siklon miboga panon, maka posisina aya di dingding panon.[1]

Ukuran Siklon Tropis

[édit | édit sumber]

Ukuran siklon tropis nétélakeun diaméter wilayah anu ngalaman gale force wind.[1] Ukuran siklon tropis téh rupa-rupa ti mimiti 50 km (Cyclone Tracy, 1977), tepi ka 1100 km (Typhoon Ti, 1979).[1]

Daérah tumuwuhna siklon tropis ngawengku Atlantik Kulon, Pasifik Wétan, Pasifik Kalér beulah kulon, Samudra Hindia beulah kalér jeung kidul, Australia jeung Pasifik Kidul.[1] Kurang leuwih dua per tilu kajadian siklon tropis aya di beulahan bumi bagéan kalér.[1] Kurang leuwih 65% siklon tropis kawangun di daérah antara 10° - 20° tina garis ékuator, ngan saukur 13% siklon tropis tumuwuh di luhureun daérah lintang 20°, sedengkeun di daérah lintang handap (0° - 10°) siklon tropis jarang kawangun.[1]

Daérah tumuwuhna siklon tropis bisa dibadi jadi tujuh wilayah.[1] Ieu wilayah ngawengku sagara di sakuliah dunya.[1]

Proses Kawangunna Siklon Tropis

[édit | édit sumber]
Jalur Siklon Tropis di Dunya

Sakumaha ngaranna, siklon tropis tumuwuh dina cai di sabudeureun daérah tropis, utamana anu miboga suhu cai sagara anu haneut.[7] Jumlah siklon tropis anu tumuwuh di beulahan bumi béh kalér rata-rata 57,3 kajadian dina sataun jeung di beulahan bumi béh kidul rata-rata 26,3 siklon tropis dina sataun (dumasar data dina taun 1968-1989).[7]

Biasana siklon tropis kawangun di daérah lintang 10° atawa leuwih, sedengkeun dina lintang antara 5° tepi ka 10° aya nu disebut déprési tropis atawa kaayaan awal siklon.[2] Di ieu daerah bisa ogé aya badai tropis lamun suhu laut leuwih panas.[2] Ku lantaran kitu cai di Indonésia bisa kaasup daérah anu bébas siklon tropis tapi akibatna bisa mangaruhan cuaca di sabudeureun Indonésia.[2]

Siklon tropis bisa kawangun kalawan sarat-sarat ieu di handap:[7]

  1. suhu permukaan sagara sakurang-kurangna 26,5C tepi ka 60 méter jerona.[5][7][8]
  2. Kaayaan atmosfir anu henteu stabil bisa nyababkeun kawangunna méga kumulonimbus.[5][7][8] Ieu méga-méga mangrupa méga anu ngandung guludug sarta mangrupa pananda wilayah konvéktif kuat anu mangrupa hal penting dina kamekaran siklon tropis.[5][7][8]
  3. Atmosfir anu kaitung lembab di ketinggian kurang leuwih 5 km.[5][7][8] Ieu ketinggian mangrupa atmofer paras tengah, lamun dina kaayaan garing henteu bisa ngadukung kana kamekaran aktivitas badai anu aya dina jero siklon.[5][7][8]
  4. Aya dina jarak sahenteuna 500 km tina garis khatulistiwa.[5][7][8] Sanajan hal ieu bisa waé kajadian tapi siklon jarang kawangun di deukeut ékuator.[5][7][8]
  5. Gangguan atmosfir dina jarak anu deukeut ti permukaan bumi mangrupa angin anu puseurna dibarengan ku kumpulan angin.[5][7][8]
  6. Parobahan kondisi angin kana ketinggian henteu pati gedé. Parobahan kondisi angin anu gedé bisa ngaganggu prosés kamekaran badai.[5][7][8]
  7. Paraméter cariolis kudu leuwih gedé tina niléy minimum anu aya di sabudeureun garis lintang kurang leuwih 5° di beulah kalér jeung kidul.[4] Lamun gaya cariolisna kurang maka siklon tropis moal kawangun.[4] Di tempat anu garis lintangna leuwih luhur sanajan aya gaya cariolis anu cukup gedé, tapi siklon tropis jarang aya lantaran lautna leuwih tiis.[4]
  8. Gésér angin vértikal anu aya dina arus troposferik nu kandel kawilang leutik pisan.[4] Gésér troposférik anu répréséntatif nyaéta gésér angin anu diukur dina ketinggian 950 hPa jeung 200 hPa.[4] Ketinggian 950 hPa dianggap minangka paras kondénsasi rata-rata di daérah oséanik tropis.[4]
  9. Aya rotasional rélatif dina lapisan handap.[4] Siklon tropis mikabutuh kontribusi saab sacara tuluy tumuluy keur méré bekel énergi anu aya dina konvergénsi hawa.[4]

Jadi bisa ditarik gurat badagna yén fase pangwangunan siklon tropis téh ngaliwatan tilu tahap nyaéta:

  1. déprési tropis,nyaéta sistem awan jeung guludug anu badag pisan kalawan sirkulasi jeung angin nu tuluy tumuluy.[3] Maksimum permukaanana kurang ti 17 méter per detik (33 knot, 38m/j atawa 62 km/jam).[3] Wangun siklon can miboga panon jeung henteu berpilin tina badai-badai anu leuwih kuat.[3] Dina ieu tahap, siklon geus jadi sistem tekenan leutik ku lantaran éta ngaranna jadi "déprési".[2]
  2. Badai tropis, nyaéta sistem tina badai guludug anu leuwih kuat kalawan sirkulasi jeung angin anu tuluy-tumuluy di antara 17 jeung 33 méter per detik (34-63 knot, 39–73 m/j, atau 62–117 km/jam).[2] Wangun siklon geus berpilin tapi can miboga panon.[3]
  3. Siklon tropis, geus aya panonan jeung puseur angin kalawan kecepatan leuwih ti 117 km/jam, variatif gumangtung asal daérah asalna misalna.[9]
  • Hurikan di Samudra Atlantik Utara, Samudra Pasifik beulah wétan wates pananggalan internasional jeung Samudra Pasifik Kidul beulan wétan 160°BT.[9]
  • Taifun di Samudra Pasifik Barat Daya beulah kulon garis pananggalan.[9]
  • Siklon tropis gawat di Samudra Pasifik Barat Daya beulah kulon160°BT atawa Samudra Hindia Timur Laut beulah wétan 90°BT.[9]
  • Badai siklon gawat di Samudra Hindia Kalér.[9]
  • Siklon tropis di Samudra Hindia Barat Daya.[9]

Di tempat lain di dunya, hurikan dipikawanoh minangka Bagyo di Filipina, Chubasco di Meksiko, jeung Taino di Haiti.[9] Bagéan tengah badai siklon tropis anu disebut panon mangrupa lingkaran anu diaméterna ti 10 tepi ka 100 kilométer, paling sering kurang leuwih 40 méter.[9] Kecepatan angin di bagéan ieu leuwih handap komo lamun langitna keur cerah.[9] Panon dikurulilingan ku méga padet anu jangkungna 16 kilométer kalawan angin jeung hujan nu gedé pisan.[9]

Siklus Hirup Siklon Tropis

[édit | édit sumber]

Siklon tropis miboga daur hirup ti mimiti prosés pangwangunanana tepi ka paéhna.[5][10] Siklon hirup siklon tropis bisa dibagi jadi opat tahapan nyaéta:

  1. Tahap pembentukan, ditandaan ku ayana gangguan atmosfir.[5][10] Lamun ditilik tina citra satelit cuaca, ieu gangguan ditandaan ku wilayah konvéktif ku ayana méga-méga kumulonimbus.[5][10] Puseur sirkulasi acan kawangun, tapi geus katingali dina tungtung sabuk perawanan anu ngawangun spiral.[5][10]
  2. Tahap can asak, dina ieu tahap wilayah konvéktif anu kuat kawangun leuwih rapi tepi ka ngawangun sabuk perawanan jadi buleudan (wangunna spiral) atawa ngawangun wilayah anu wangunna rélatif buleud.[5][10] Inténsitasna ngaronjat sacara simultan anu ditandaan ku tekenan hawa permukaan anu turun ngahontal kurang ti 1000 mb jeung kecepatan angin maksimum anu ngaronjat tepi ka gale force wind (kecepatan angin ≥ 34 knot atwa 63 km/jam).[5][10] Angin kalawan kecepatan maksimum museur dina cingcin anu ngurlingan puseur sirkulasi.[5][10] Puseur sirkulasi katingali jelas jeung mimiti katingali ayana panon siklon.[5][10]
  3. Tahap asak, dina ieu tahap wangun siklon tropis geus stabil.[5][10] Tekenan hawa minimun anu aya di puseurna jeung angin maksimum di sabudeureunana anu henteu loba ngalaman fluktuasi.[5][10] Sirkulasi siklonik jeung wilayah gale force wind ngalegaan.[5][10] Citra satelit cuaca ningalikeun kondisi perawanan leuwih rapih jeung leuwih simétris.[5][10] Dina siklon tropis anu leuwih kuat bisa katingali ayana panon siklon.[5][10] Ieu kajadian ditandaan ku wilayah anu miboga suhu panghaneutna di tengah-tengah sistem perawanan kalawan angin permukaan anu tenang jeung dikurilingan ku dingding perawanan konvektif anu kandel di sabudeureunana (dingding panon).[5][10] Iwal ti lamun siklon tropis aya di wilayah anu ngadukung kamekaranana.[5][10] Tahap asak biasana ngan ukur tahan kurang leuwih ti 24 jam saméméh inténsitasna mimiti ngurangan.[5][10]
  4. Tahap ngurangan, dina ieu tahap puseur siklon anu haneut mimiti leungit.[5][10] Tekenan hawa ngaronjat jeung wilayah ku kecepatan angin maksimum ngalegaan ngajauhan ti puseur siklon.[5][10] Ieu tahap bisa kajadian kalawan téréh pisan lamun siklon tropis ngaliwat di wilayah anu henteu ngadukung keur kamekaranana siga asup ka wilayah cai nu aya di garis datar nu aya di luhur kalawan suhu sagara anu tiis jeung asup ka daratan.[5][10] Tina citra satelit bisa katingali jelas yén éta wilayah konvéktif siklon tropis ngurangan jeung sabuk perawanan lalaunan ngaleungit.[5][10]

Waktu rata-rata anu dibutuhkeun ku hiji siklon tropis keur mimiti tumuwuh tepi ka leungitna kurang leuwih tujuh poé tapi variasina bisa ti sapoé tepi ka tilu puluh poé.[10]

Distribusi bulanan ningalikeun yén lolobana siklon tropis aya dina ahir musim panas jeung awal musim gugur, sanajan siklon tropis bisa kajadian dina bulan naon waé di Pasifik Utara beulah kulon.[4] Waktu hirup siklon tropis ti sababaraha jam nepi ka 2 minggu kalawan rata-rata 6 poé ti mimiti badai tepi kaasup ka daratan atawa belok ka daerah subtropis.[4] Gaya gésékan ngahambat gerak hawa nepi ka angin ngaleutikan.[4] Sedengkeun éta, gaya gradien tekenan henteu dipangaruhan ku gésékan lantaran henteu gumantung kana gerak hawa.[4] Gaya coriolis dipangaruhan ku gaya gésékan jeung jadi leutik lantaran angin ngaleutikan.[4] Akibatna, kasaimbangan géostropik henteu jadi nepi ka angin motong isobar ka arah tekenan handap jeung sistem angin jadi museur (konvergen).[4]

Usum Siklon di Sabudeureun Indonesia

[édit | édit sumber]

Dumasar klimatologina, wilayah Indonésia anu aya di sabudeureun garis khatulistiwa kaasup kana wilayah anu henteu kaliliwatan ku siklon tropis.[11] Tapi sanajan kitu, loba ogé siklon tropis anu aya di sabudeureun wilayah Indonésia.[11] Hal ieu ngabalukarkeun akibat anu henteu langsung kana kondisi cuaca di Indonésia.[11] Contona waé, siklon tropis Rossie (2008) anu kawangun di Banten beulah kulon, siklon tropis Kirrily anu kawangun di sabudeureun kapuloan Aru, siklon tropis Inigo, anu waktu masih jadi bibit bisa ngaliwatan Nusa Tenggara jeung badai tropis Vamei (2001) anu diklaim minangka badai tropis anu kawangun pangdeukeutna jeung khatulistiwa nyaéta di sabudeureun semenanjung Malaka, perenahna dina koordinat 1.5° LU.[11]

Kalawan ngagunakeun data taun 1964 tepi ka taun 2005 keur kajadian siklon tropis di wilayah Samudra Hindia Tenggara jeung taun 1951 tepi ka 2006 keur kajadian siklon tropis di wilayah Pasifik Barat Laut, geus dilakukeun perhitungan keur meunangkeun gambaran kajadian siklon tropis di wilayah anu deukeut jeung Indonésia utama di wilayah antara 90° tepi ka 150° BT jeung 30° LS tepi ka 30° LU.[11]

Siklon Tropis di Indonésia Beulah Kidul

[édit | édit sumber]

Keur siklon-siklon tropis di wilayah anu deukeut jeung Indonésia kalawan histori data salila opat puluh dua taun yén di beulah kidul siklon tropis panglobana aya dina bulan Pébruari nyaéta 23% kajadian dina sabulan.[11] Disusul ku bulan Maret, (22%), Januari (21%), Désémber (14%) jeung April (11%).[11] Tapi sanajan kitu dina bulan Juni, Juli, Agustus, jeung Séptémber dipikanyaho mangrupa bulan-bulan anu salila opat puluh dua taun euweuh kajadian siklon tropis.[11]

Siklon tropis di wilayah ieu mindeng aya dina bulan Pébruari nyaéta 122 kajadian salila opat puluh dua taun kalawan rata-rata kajadian ngahontal 2,9 kajadian per taun.[11] Dina bulan ieu kajadian siklon tropis anu panglobana dialaman dina taun 1968 di mana waktu harita aya tujuh kali siklon tropis.[11] Sanajan kitu, aya ogé dina bulan Pébruari euweuh hiji-hiji acan siklon tropis sakumaha anu kajadian dina taun 1967, 1990, jeung 2002.[11]

Bulan Désémber mangrupa bulan terahir kadua anu aktif.[11] Salila opat puluh dua taun aya tujuh puluh genep kajadian siklon tropis kalawan niléy rata-rata 1,8 kajadian per taun.[11] Kondisi ékstrim kungsi dialaman dina taun 1973 nu mana aya genep kali kajadian siklon tropis dina sabulan.[11]

Dina bulan Juni jeung Agustus aya frékuénsi pangleutikna di mana salila opat puluh dua taun euweuh hiji-hiji acan siklon tropis.[11]

Siklon Tropis di Indonésia Beulah Kalér

[édit | édit sumber]

Kalawan data histori anu leuwih panjang (56 taun), dipikanyaho yén wilayah anu deukeut jeung Indonésia beulah kalér ngalaman kajadian siklon tropis anu panglobana dina bulan Agustus di mana 20% siklon tropis kajadian dina bulan ieu.[11] Disusul ku bulan Séptémber (18%), Juli jeung Oktober (15%).[11]

Dina bulan Agustus, kalawan rata-rata kajadian 5,2 kali siklon tropis per taun, kondisi ékstrim maksimum kungsi aya dina taun 1960 (13 kajadian siklon tropis dina sabulan) jeung kondisi ékstrim minimun aya dina taun 1980 (ngan kajadian 2 kali siklon tropis dina sabulan).[11] Sabalikna kalawan jumlah anu pangleutikna tilu belas kali dina 56 taun, bulan Pébruari ngalaman kajadian paling ékstrim maksimum dina taun 1967 jeung 1976 kalawan 2 kali kajadian siklon tropis jeung dina 45 taun lainna henteu ngalaman deui siklon tropis.[11]

Dina bulan Agustus anu mangrupa bulang pangsibukna keur kamekaran siklon tropis di wilayah ieu, tina 323 kajadian aya 107 kajadian anu mekar jadi badai tropis di antarana ngagedéan jadi hurricane.[11] Dina bulan Pébruari anu mangrupa bulan kalawan jumlah kajadian siklon tropis pangsaeutikna (13 kajadian) ngan saukur aya hiji siklon tropis anu mekar jadi hurricane.[11]

Akibat Siklon Tropis

[édit | édit sumber]
Badai waktu aya siklon tropis eloise

Lantaran ukuranana anu kacida gedéna, angin badag, jeung méga anu dipibogana, siklon tropis nyababkeun akibat anu kacida gedéna ka tempat-tempat anu diliwatanana.[12] Ieu akibat bisa mangrupa angin nu gedé, hujan badag tuluy-tulutan, tepi ka nyababkeun banjir, gelombang nu luhur, jeung gelombang badai (storm surge).[12] Gelombang badai nyaéta naékna permukaan laut sapanjang basisir kalawan téréh lantaran angin anu ngarahkeunana ka daérah basisir.[2] Siklon tropis di Bangladesh 13 Nopémber 1970 nyababkeun gelombang badai tepi ka 6-9 méter.[2]

Siklon tropis di laut bisa nyababkeun gelombang anu jangkung, hujan gedé, jeung angin anu tarik pisan.[12] Hal ieu bisa ngaganggu lalayaran internasional jeung miboga poténsi keur neuleumkeun kapal.[12] Siklon tropis bisa muterkeun cai jeung nyababkeun gelombang sagara anu anu luhur.[12] Di daratan, angin anu tarik bisa ngaruksak atawa ngancurkeun kandaraan, wangunan, sasak, jeung benda-benda lainna.[12] Gelombang badai (storm surge) atawa ngaronjatna permukaan sagara akibat siklon tropis mangrupa akibat anu panggoréngna nu bisa tepi di daratan.[12]

Numutkeun sajarah, 90% siklon tropis bahaya pisan.[12] Muterna siklon tropis anu ngahontal daratan jeung vertical wind shear di sabudeureunana bakal ngahasilkeun tornado.[12] Tornado bisa ogé dihasilkeun minangka akibat tina vortisitas dina dingding panon siklon anu bisa tahan nepi ka daratan.[12]

Akibat Langsung

[édit | édit sumber]

Anu dimaksud akibat langsung siklon tropis nyaéta akibat anu disababkeun ku siklon tropis nu aya di daérah-daérah anu diliwatanana.[12] Hal ieu bisa mangrupa gelombang anu luhur, gelombang badai nu mangrupa naékna muka sagara saperti cai pasang anu luhur pisan, hujan gedé dibarengan ku angin badag.[12]

Contona waktu hiji wilayah di Indonésia ngalaman akibat langsung ayana siklon tropis nyaéta waktu aya kajadian langka siga tumuwuhna siklon tropis Kirrily di luhureun Kapuloan Kai, Laut Banda dina tanggal 27 April 2009.[12] Kirrily nyababkeun hujan badag jeung storm surge di ieu daérah.[12] Kacatet puluhan imah ruksak jeung puluhan lainna kakeueum, jalan ruksak, jeung aya gelombang luhur ti tanggal 26 April tepi ka 29 April.[12] Curah hujan anu kacatet di Tual per 24 jam nyaéta 20mm, 92mm, jeung 193 mm, dina tanggal 27 April, 28 April, jeung 29 April 2009.[12]

Akibat Teu Langsung

[édit | édit sumber]

Indonésia lain mangrupa daérah liliwatan siklon tropis, tapi sanajan kitu ayana siklon tropis di sabudeureun Indonésia, utamana anu kawangun di sabudeureun Pasifik Barat Laut, Samudra Hindia Tenggara, jeung Australia bakal mangaruhan pangwangunan pola cuaca di Indonésia.[12] Parobahan pola cuaca ku ayana ieu siklon tropis anu ngajadikeun siklon tropis méré akibat henteu langsung kana kondisi cuaca di wilayah Indonésia.[12]

Akibat henteu langsung ku ayana siklon tropis bisa mangrupa:[12]

  1. Daérah pumpunan angin.[12] Siklon tropis anu kawangun di sabudeuereun cai beulah kalér atawa beulah kuloneun Australia sering nyababkeun kawangunna daérah pumpunan angin di sabudeureun Jawa atawa Laut Jawa, Nusa Tenggara Kulon, Nusa Tenggara Timur, Laut Banda, Laut Timor, tepi ka Laut Arafuru.[12] Ieu pumpunan angin anu nyababkeun kawangunna leuwih loba méga-méga konvéktif nu nyababkeun hujan gedé di éta daérah.[12] Ditingali tina citra satelit, daérah pumpunan angin katingali minangka daérah anu manjang nu pinuh ku méga kandel nu nyambung kana méga siklon tropis tepi ka katingalina mah éta siklon tropis miboga buntut.[12] Ku lantaran éta, daérah pumpunan angin ieu mindeng disebut buntut siklon tropis.[12] Conto kasus waktu Indonésia keuna ku buntut siklon tropis nyaéta waktu siklon tropis Géorge (2 Maret 2007) anu ngakibatkeun ayana daérah pumpunan angin nu manjang ti Jawa Wétan tepi ka Nusa Tenggara Timur.[12] Curah hujan anu kacatet harita di Ruteng, Waingapu, Rote, Kupang nyaéta 172 mm, 52mm, 78mm, jeung 73mm.[12]
  2. Daérah bélokan angin.[12] Ayana siklon tropis di cai Samudra Hindia kadang-kadang bisa nyababkeun kawangunna daérah bélokan angin di sabudeureun Sumatra bagéan kidul atawa Jawa bagéan kulon.[12] Daérah bélokan angin ogé bisa ngakibatkeun kawangunna leuwih loba méga-méga konvéktif panyabab hujan badag di éta daérah.[12]
  3. Daérah défisit kelembaban.[12] Babarengan jeung ayana siklon tropis di cai beulah kaléreun Sulawesi atawa di Laut Cina Kidul mindeng katingali babarengan jeung nguranganna curah hujan di wilayah Sulawesi bagéan kalér atawa Kalimantan.[12] Sanajan can aya panalungtikan deui, tapi katingali yén ieu fénoména disababkeun ku lantaran éta siklon tropis bisa nyerep sasadiaan hawa anu lembab nu aya dina radius nu tangtu di sabudeureunana.[12] Kaaasup anu aya dina atmosfir di luhureun Kalimantan jeung Sulawesi bagéan kalér tepi ka di ieu wilayah hawana jadi garing jeung kondisi cuacana biasana mah cerah tapi euweuh mégaan.[12]

Pusat Peringatan Dini Siklon Tropis (TCWC)

[édit | édit sumber]

Tujuan utama tina hiji sistem peringatan dini siklon tropis nyaéta keur ngurangan korban jiwa, barang-barang, pakaya, jeung masalah anu disababkeun ku siklon tropis kalawan nyadiakeun peringatan dini anu akurat jeung tepat waktu keur komunitas-komunitas anu kaancam.[13]

Dina sistem peringatan dini siklon tropis aya 4 (opat) pihak anu miboga peranan gedé di antarana:

  1. lembaga météorologi anu ngaluarkeun peringatan dini.[13]
  2. Média boh citak boh éléktronik anu nyebarkeun peringatan dini.[13]
  3. Instansi anu nanganan masalah mamala boh di tingkat pusat atawa daérah.[13]
  4. Masarakat anu kaancam ku éta bencana alam.[13]

Ku lantaran siklon tropis kacida bahayana, di sakuliah dunya kasebar rupa-rupa pusat peringatan dini siklon tropis atawa (Tropical Cyclone Warning Centre) anu tugasna ngamonitor unggal kajadian siklon tropis.[13] Di unggal tempat, ieu monitoring dilakukeun unggal poé salila 24 jam henteu eureun-eureun ngagunakeun rupa-rupa téhnologi ti mimiti satelit, radar, stasion-stasion panalungtikan nu maké awak atawa henteu.[13] Tujuanana nyaéta mikanyaho tempat tumuwuhna siklon tropis, gerakanana, jeung kakuatanana.[13]

Salian ti éta, pusat-pusat peringatan dini ogé tugasna keur méré informasi jeung peringatan dini sarta nyebarkeun éta informasi ka wilayah-wilayah anu bakal keuna ku akibatna.[13] Dina kerangka internasional, Organisasi Metéorologi Dunia (WMO) ngaliwatan Tropical Cyclone Program (TCP) geus nyieun hiji sistem peringatan dini siklon tropis di mana unggal daérah kamekaran siklon tropis geus miboga pusat-pusat peringatan dini siklon tropis.[13]

Tujuan Tropical Cyclone Program WMO (WMO/TCP) nyaéta ngadorong jeung ngordinir rarancang jeung implementasi tindakan mitigasi mamala anu diakibatkeun ku siklon tropis di sakuliah dunya.[13] Lantaran henteu sakabéh wilayah dipangaruhan ku siklon tropis jeung struktur régional henteu salilana tepat jeung basin siklon tropis.[13] TCP ngadegkeun komite siklon tropis anu ngalegaan tepi ka badan-badan régional.[13] Ieu komite ogé ngawengku sababaraha samudra anu mangrupa lokasi tumuwuhna siklon tropis.[13] Petunjuk téhnis dijieun keur ngajalankeun ieu program siklon tropis.[13] Eusi ieu petunjuk téhnis di antarana ngeunaan tugas stasion, alamat-alamat, telepon jeung nomer telekomunikasi lainna, prosedur telekomunikasi, términologi, définisi, prosedur, konvénsi ngaran siklon tropis, unit konvvérsi, koordinasi, sarat-sarat analisis, diseminasi jeung observasi radar jeung satelit, pengintaian kapal udara jeung susunan kalimah dina peringatan dini.[13] Ngaliwatan WMO/TCP geus dijiieun hiji standarisasi prosedural anu kudu ditimbang-timbang dina pelaksananana di badan-badan régional.[13]

Dina dasarna aya 2 (dua) jenis peringatan dini siklon tropis nyaéta peringatan dini keur wilayah daratan jeung laut, jeung peringatan dini keur laut lepas (kadang-kadang dikenal ogé ku sebutan marine warning).[13] Unggal nagara anggota badan régional biasana boga tanggung jawab keur nyieun peringatan dini di wilayah daratan jeung basisir masing-masing, sedengkeun keur peringatan dini laut lepas geus ditunjuk sababraha pusat peringatan dini siklon tropis (Tropical Cyclone Warning Centre, TCWC), di mana tiap TCWC geus miboga tanggung jawab keur daérahna masing-masing.[13]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t Geofisika, Badan Meteorologi Klimatologi dan. "Badan Meteorologi Klimatologi dan Geofisika » Pusat Meteorologi Publik » TCWC Jakarta". meteo.bmkg.go.id. Diakses tanggal 2018-02-11. 
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s Tjasyono, Bayong (2014). Keajaiban Planet Bumi. Bandung: PT Remaja Rosdakarya. pp. 128–131. ISBN 978-979-692-182-9. 
  3. a b c d e f g h i "Jenis Angin Siklon dan Dampak Negatif yang Ditimbulkan". gravitime. Diakses tanggal 15 Februari 2018.  Archived 2018-02-21 di Wayback Machine
  4. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa Tjasyono, Bayong (2009). Ilmu Kebumian dan Antariksa. Bandung: PT Remaja Rosdakarya. p. 200. ISBN 979-692-595-8. 
  5. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad "Badai Berkekuatan Besar, Begini Proses TErbentuknya Siklon Tropis". https://nasional.sindonews.com/read/1261724/15/badai-berkekuatan-besar-begini-proses-terbentuknya-siklon-tropis-1511965665. Diakses pada 14 Februari 2018 
  6. a b c d "Nama Siklon Tropis". BMKG. Diakses tanggal 13 Februari 2018. 
  7. a b c d e f g h i j k l "Proses Terbentuknya Siklon Tropis". BMKG. Diakses tanggal 11 Februari 2018. 
  8. a b c d e f g h i "Inilah Enam Faktor Penyebab Munculnya Siklon Tropis Menurut Prakirawan BMKG". http://jabar.tribunnews.com/2017/11/30/inilah-enam-faktor-penyebab-munculnya-siklon-tropis-menurut-prakirawan-bmkg. Diakses pada 14 Februari 2018 
  9. a b c d e f g h i j "Animated Guide Tornadoes". http://news.bbc.co.uk/2/hi/in_depth/5328524.stm. Diakses pada 15 Februari 2018 
  10. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u "Siklus Hidup Siklon Tropis". BMKG. Diakses tanggal 12 Februari 2018. 
  11. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u "Musim Siklon di Sekitar Indonesia". BMKG. Diakses tanggal 13 Februari 2018. 
  12. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag "Dampak Siklon Tropis". BMKG. Diakses tanggal 13 Februari 2018. 
  13. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s "Pusat Peringatan Dini Siklon Tropis (TCWC)". BMKG. Diakses tanggal 15 Februari 2018.