Lompat ke isi

Unit ukuran

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Istilah hijian atawa hijian ukuran (basa Indonésia: satuan ukuran) digunakeun pikeun mastikeun kabeneran ukuran atawa sabagé harga baku (standar) pikeun ngabandingkeun alat ukur, alat naker, timbangan sarta pikeun nangtayungan kapentingan masarakat. Hijian digunakeun dina rupa-rupa widang élmu pikeun netepkeun rupa-rupa ukuran, rumus sarta data.

Urut kantor nu ngurus beurat jeung ukuran lianna di Middlesex, Inggris.

Définisi, perjangjian katut kagunaan hijian geus ngajalankeun pancén anu penting pisan dina kahirupan manusa ti bihari ka kiwari. Rupa-rupa sistem ukuran geus ilahar digunakeun. Kiwari aya standar anu lumaku sadunya, nyaéta sistem internasional pikeun ukuran, International System (SI), anu mangrupa wangunan moderén tina sistem métrik. SI geus diterapkeun di sakuliah dunya. Dina jual beuli, beurat jeung ukuran-ukuran lian mindeng jadi jejer aturan pamaréntah, pikeun ngajamin kaadilan jeung kaatraan. Bureau international des poids et mesures (BIPM) boga pancén ngajamin kasaragaman ukuran sadunya jeung ngajamin kamampuhan napaklacak (tracéability) hiji ukuran ka SI. Métrologi mangrupa élmu pikeun ngamekarkeun hijian beurat jeung ukuran lianna anu bisa ditarima sacara nasional jeung internasional.

Dina fisika jeung métrologi, hijian mangrupa standar pikeun ukar-ukur kuantitas fisis anu merlukeun définisi kalayan jelas supaya boga mangfaat. Réproduksibilitas hasil-hasil ékspérimen penting pisan dina métoda ilmiah. Hiji sistem hijian ukuran anu baku ngagampangkeun hal lieu. Sistem hijian ilmiah mangrupa panyampurnaan tina konsép beurat jeung ukuran lian anu mekar bihari pikeun tujuan komérsial.

Sains, élmu medis, sarta élmu teknik mindeng ngagunakeun hijian ukuran anu leuwih gedé atawa leuwih leutik batan anu digunakeun dina kahirupan sapopoé. Pamilihan hijian ukuran anu taliti bisa ngabantu para panalungtik dina méréskeun perkara.

Hijian ukuran dasar dina SI

[édit | édit sumber]

Hijian ukuran tradisional Sunda

[édit | édit sumber]

Urang Sunda ogé geus ti bihari maké hijian ukuran dina kahirupanana pikeun mastikeun kabeneran ukuran boh keur ukuran panjang, boh ukuran beurat sarta waktu.

Hijian dina ukuran panjang

[édit | édit sumber]

Hijian dina ukuran panjang ku ukuran tina awak

[édit | édit sumber]
  • sauted: satapak jempol
  • sadim: sapanjang buku ramo
  • saruas: panjang ti buku ramo (curuk) nepi ka buku deui
  • sacentok: panjang antara tungtung indung leungeun jeung tengah-tengah curuk
  • satekem: panjang ti buku puhu curuk ka puhu indung leungeun
  • satunjuk: panjang antara tungtung indung leungeun jeung tungtung curuk
  • satampah: panjang ti tungtung jajangkung nepi ka ugel-ugelan atawa sarubakeun dampal suku kolot.
  • sadampal: sapanjang dampal suku, ti tungtung indung suku nepi ka sisi tukang keuneung.
  • sacekang: panjang ti tungtung indung leungeun nepi ka tungtung jajangkung.
  • sajeungkal: panjang ti tungtung indung leungeun nepi ka tungtung cinggir upama dipentangkeun.
  • sasiku: ti tungtung jajangkung nepi ka siku (luar).
  • sahasta: sasiku = 0,6 meter = 60 sentimeter.
  • sabeulah: sapanjang leungeun, ti tungtung jajangkung nepi ka puhu leungeun.
  • sakodok: sapanjangna leungeun tina tungtung ramo nepi kana kelek.
  • sajeujeuh: sapanjang dampal suku kolot.
  • saléngkah: sajauhna léngkah antara suku nu di hareup jeung nu di tukang dina waktu keur leumpang biasa.
  • sadeupa: ti tungtung jajangkung leungeun kénca nepi ka tungtung jajangkung leungeun katuhu upama dipentangkeun (+- 1,60 m).
  • satangtung: tina dampal nepi ka embun-embunan (tungtung sirah pangluhurna).

Hijian dina ukuran panjang (jerona)

[édit | édit sumber]
  • samet tuur / semet tuur / seret tuur: tina dampal nepi kana tuur.
  • salaput hulu: tina dampal nepi ka embun-embunan (tungtung sirah pangluhurna)
  • saleunjeun awi: biasana nyebut jerona sumur dibandingkeun kana saleunjeur awi (panjangna awi).

Hijian dina ukuran panjang lianna

[édit | édit sumber]
  • sakaki: 0,6 m = 60 cm.
  • saelo (el, W): 0,688 meter.
  • sajeungkal: kira-kira 20 cm.
  • satumbak: +/- 3,77 m (sok dijadikeun 4 meter = 4 m).
  • sagawang: satumbak tapak pacul: kira-kira 10 m.
  • saleunjeur: sapanjang awi lempeng, kira-kira 10 m.
  • sakayu: sabatang kai: kira-kira 16 m.
  • sapal: ukuran panjang 1,5 km, ukuran jauh antara dua tihang pal nu dipasang di sapanjang jalan gedé jaman baheula.
  • samil: 1 pal = 1,5 km.
  • satungtung deuleu: jauh nu teu diukur

Hijian dina ukuran lega

[édit | édit sumber]
  • saicak: saelo pasagi
  • sabata: satumbak pasagi = 1/500 bau = 5m x 5m = 25m2
  • sapatok: 15 x 15 deupa pasagi = 225 deupa pasagi = +/- 400 m2
  • sabau, sabahu: 500 tumbak pasagi= 500 bata pasagi = 12500 m2 = 12,5 ha (héktar)
  • sapasir: 28 ha




Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Peperenian Urang Sunda, Rachmat Taufik Hidayat, Spk., Kiblat Buku Utama, Bandung, 2005