Purah tukuh ka nu estu, pageuh ka anu sadjati, ngabelaan běběněran, nadjan kudu pěgat pati, teu mundur satundjang beas, asal ngalakukeun adil.
Tjarek udjaring pitjatur, upami ngadaměl misil, Bima teh ibarat pudak, nja eta djaksi nu sari, kěmbang gěde ngandung ganda, di luar di djěro seungit.
Těgěsna badan sakudjur, satanding reudjeung rohani, bědas djasad bědas sukma, daja badan daja pikir, komara luar djěrona, dipiserab lahir batin.
Aja nu beda ti batur, adat Bima nu maranti, nja eta mun sasauran. sok tara dianggit-anggit, utjapna kasar garihal, tapi lain dumeh djail.
Nadjan ka Dewa ka ratu, ka deungeun ka kulawargi, malah ka Kunti ibuna, utjapna tara dipilih, estu basa sawadjarna, tapi da manah mah běrsih.
Ku sadaja geus dima'lum, teu aja anu njungkělit, mun sasauran djeung Bima, apal ka bakatna tadi, kasar soteh lain ngewa, lain amběk lain idjid.